Deskripsi: Nadhoman sikap Jalma Mu'min Muwahid, Saat Hareupan teu datang
Pencipta: KH Choer Affandy
Kategori:
Status: 1
Dibuat pada: 25 Sep 2024
Audio Nadhoman:
Konten Nadhoman
Saat harepan teu datang
Saat kahayang kapungpang
Hate ulah rek koncewang
Da Alloh tetep bageuran
Balikta pek geura fikiran
Bisi aya nu kakantun
Syaratna usaha anjeun
Eta ciri anjeun iman
Atawa harepan anjeun
Anu dicita-citakeun
Bener ukur ceuk sorangan
Lain munggah na pangeran
Sok komo mun aprak-aprakan
Neangan jeung salahkeuneun
Pikeun nutup ka'aeban
Kasalahan diri anjeun
Mihape aduh anaking
Ulah kalah rek suudzon
Mitnah qudrot na pangeran
Da matak nurunkeun iman.
-K.H.Abdul Aziz Affandi